Khutbah Jumat 24 Januari 2025 Bahasa Sunda: Balesan Akhirat Nu Digambarkeun Dina Isra Mi‘Raj

Pamandangan anu matak getir oge diunjukkeun ka Kangjeng Rosul salaku gambaran jalma anu resep ngadahar harta batur ku cara zolim, terutama harta anak yatim. 

Hal ieu jelas tur atra dina riwayat Abu Said al-Khudri. Dikisahkeun ku Kangjeng Rosul saw:

Bacaan Lainnya

   رَأَيْتُ لَيْلَةَ أُسْرِيَ بِي قَوْمًا لَهُمْ مَشَافِرُ كَمَشَافِرِ الْإِبِلِ وَقَدْ وُكِّلَ بِهِمْ مَنْ يَأْخُذُ بِمَشَافِرِهِمْ ثُمَّ يَجْعَلُ فِي أَفْوَاهِهِمْ صَخْرًا مِنَ النَّارِ يَخْرُجُ مِنْ أَسَافِلِهِمْ فَقُلْتُ يَا جِبْرِيلُ مَنْ هَؤُلَاءِ: فَقَالَ: هَؤُلَاءِ الَّذِينَ يَأْكُلُونَ أَمْوَالَ الْيَتَامَى ظُلْمًا  

Hartosna, “Dina wengian di-isro-keun, kaula ningal hiji kaum anu ngagaduhan biwir jiga biwir onta. Di tengah maranehna aya hiji jalma anu dipercaya narik biwir eta. Teras, ke baham maranehna diasupkeun batu tina neraka, sareng eta batu teh keluar ti handapeun maranehna. Maka kaula naroskeun, ‘Saha ari maranehna teh, Jibril?’ Anjeuna ngawaler, ‘Maranehna teh jalma-jalma anu resep ngadahar harta anak yatim ku cara zolim.’” kitu sakumaha keterangan dina Tafsir Ath-Thabari, jilid 7, kaca 27). 

Gambaran anu aya dina hadits ieu teh teu pasalia sareng ayat anu pihartosennana, “Saenya-enyana, jalma anu ngadahar anak yatim ku cara zolim sabenerna mah maranehna ngadahar seuneu sapinuh padaharannana,”  (QS. An-Nisa’ [4]: 10). 

Ieu oge teu pasalingsingan sareng kaedah para ulama:

   اَلْجَزَاءُ مِنْ جِنْسِ الْعَمَلِ  

Hartosna, “Ari balesan teh eta sarupa sareng amal perbuatanna.”   Nanging, sagigireun ti pamandangan anu pikasieuneun teh, aya oge pangalaman anu pikaresepeun. Salah sawiosna anu diriwayatkeun ku Sayidina Ubay ibn Ka‘b.  

Dina eta riwayat dicarioskeun kaangse aroma seuengit anu luar biasa. Saparantosna ditaroskeun ka malaikat Jibril, aroma seuengit eta teh sumberna ti kuburan Siti Masyitah, wanoja anu berjuang mertahankan kaimanan sareng mayunan siksaan Raja Fira’un anu bengis dina katel anu kacida panasna.  

Salajengna, kabar anu ngagumbirakeun ditampi ku Kangjeng Rosul nalika ningal hiji tulisan patali sareng kautamaan ngahutangkeun anu natrat di luhur lawang surga.

   رَأَيْتُ لَيْلَةَ أُسْرِيَ بِي عَلَى بَابِ الْجَنَّةِ مَكْتُوبًا: الصَّدَقَةُ بِعَشْرِ أَمْثَالِهَا، وَالْقَرْضُ بِثَمَانِيَةَ عَشَرَ  

Hartosna, “Dina maleman di-isro-keun, kaula ningal tulisan dina lawang surga, “Sodakoh teh sapuluh kali lipatanna. Sedengkeun ngahutangkeun mah dalapan belas kali lipetna,” (HR. Ibnu Majah).

Aya oge golongan jalmi anu katingal ku Kangjeng Rosul nuju panen. Maranehna panen teu beres-beres. Ka payun can parat, ka tukang tos siap deui alaeun. Barang ditarsokeun eta teh gambaran jalma anu resep kana sodakoh di jalan Alloh tur ganjarannana dilipetkeun kana tujuh ratus. Hal ieu teh akur sareng katerangan ayat Al-Baqarah ayat 261.

Jamaah sidang Jum’ah rohimakumulloh

BACA HALAMAN BERIKUTNYA..

Pos terkait