سُبْحَانَ الَّذِي أَسْرَى بِعَبْدِهِ لَيْلًا مِنَ الْمَسْجِدِ الْحَرَامِ إِلَى الْمَسْجِدِ الْأَقْصَى الَّذِي بَارَكْنَا حَوْلَهُ لِنُرِيَهُ مِنْ آيَاتِنَا
Hartosna, “Maha suci Alloh, Dzat anu tos ngalalampahkeun hamba-Na dina hiji wengi ti Masjidil Haram ka Masjidil Aqsha anu tos Kami berkahan sakurilingna supaya Kami nunjukkeun ka hamba-Na sabagian tina tanda (kaagungan) Kami,” (QS. Al-Isro’ [17]: 1).
Kalintang seeueur hadits anu nyarioskeun perkawis sabagian tanda kaagungan eta, ti kawit ditunjukkeun kana tujuh lapis langit, Baitul Ma’mur, tug nepi ka Sidratul Muntaha. Nyakitu keneh ti kawit ditepangkeun sareng sapalih nabi anu kapungkur, sapertos Nabi Ibrahim, Nabi Musa, Nabi Isa, sareng Nabi Yusuf alaihimussalam, tug dugika ditingalikeun kana gamaran umat anu bagja tur nu cilaka di akhirat.
Jamaah sidang Jum’ah rohimakumulloh
Gamaran perkawis umat Rosululloh anu mung perlente dina cumarita kahadean ka batur, nanging laley dina ngajalankeun eta kahadean keur dirina, disebatkeun dina hadits riwayat Anas ibn Malik. Dina riwayat eta, Kangjeng Rosul nyarioskeun:
رَأَيْتُ لَيْلَةَ أُسْرِيَ بِي رِجَالًا تُقْرَضُ شِفَاهُهُمْ بِمَقَارِيضَ مِنْ نَارٍ، فَقُلْتُ: يَا جِبْرِيلُ مَنْ هَؤُلَاءِ؟ قَالَ: هَؤُلَاءِ خُطَبَاءُ مِنْ أُمَّتِكَ، يَأْمُرُونَ النَّاسَ بِالْبِرِّ، وَيَنْسَوْنَ أَنْفُسَهُمْ، وَهُمْ يَتْلُونَ الْكِتَابَ أَفَلَا يَعْقِلُونَ
Hartosna, “Dina wengian di-isra-keun, kaula ningal sababaraha lalaki anu digunting biwirna ku gunting seuneu. Teras kaula tumaros (ka MalaikatJibril), ‘He Jibril, saha maranehna teh?’ Mantenna ngajawab, ‘Maranehna teh para khotib ti kalangan umat anjeun. Maranehna teh kur pinter marintah kahadean ka batur, tapi poho ka dirina sorangan. Maranehna ngaos Al-Quran, tapi naha teu mikirkeun kandunganna?’” (HR. Ahmad).
Tah kandungan hadits ieu teh akur pisan sareng anu sakumaha anu dijelasken dina Al-Quran:
كَبُرَ مَقْتًا عِندَ اللَّهِ أَن تَقُولُوا مَا لَا تَفْعَلُونَ
Hartosna, “Kacida ageungna bebendu di sisi Alloh yen anjeun ngucapkeun perkara (hade) anu ku anjeun teu dilaksanakeun,” (QS. Ash-Shaf [61]: 3).
Jamaah sidang Jum’ah rohimakumulloh
Salajengna hadits anu ditampi ku Abu Hurairah ngagambarkeun kaayaan umat anu resep kana hasil riba. Langkung paosna, Rosululloh nguningakeun:
رَأَيْتُ لَيْلَةَ أُسْرِيَ بِي لَمَّا انْتَهَيْنَا إِلَى السَّمَاءِ السَّابِعَةِ فَنَظَرْتُ فَوْقِي فَإِذَا أَنَا بِرَعْدٍ وَبَرْقٍ وَصَوَاعِقَ قَالَ: وَأَتَيْتُ عَلَى قَوْمٍ بُطُونُهُمْ كَالْبُيُوتِ فِيهَا الْحَيَّاتُ تُرَى مِنْ خَارِجِ بُطُونِهِمْ فَقُلْتُ: مَنْ هَؤُلَاءِ يَا جِبْرِيلُ؟ قَالَ هَؤُلَاءِ أَكَلَةُ الرِّبَا
Hartosna, “Dina wengian di-isra-keun, nalika dugi ka langit ka tujuh, kaula ningal ka luhureun kaula. Ternyata kaula ningal guludug, kilat, sareng bentar. Teras, kaula ditingalikeun ka hiji kaum anu beuteungna jiga imah anu jerona pinuh ku oray anu katingal ti luar. Teras kaula tumaros ka (Jibril), ‘Saha ari maranehna, Jibril?’ Anjeuna ngawaler, ‘Maranehna teh jalma-jalma anu resep ngadahar hasil riba.’ Kitu sakumaha diriwayatkeun ku Imam Ahmad sareng Imam Ibnu Abi syaibah.
Jamaah sidang Jum’ah rohimakumulloh
BACA HALAMAN BERIKUTNYA..