Contoh Teks Khutbah Idul Adha 2023 Terbaru PDF Bahasa Sunda Bikin Haru Jamaah

sholat idul adha
sholat idul adha

Kenging informasi sapertos kitu ti ramana, Nabi Ismail teu ngaraos gimir. Anjeuna justru nyuhunkeun ka ramana kanggo nyangeman eta parentah Alloh. Hal ieu jelas katingal sakumaha dina ayat di luhur, “He Bapa kaula, pidamel wae naon anu diparentahkeun (Alloh) ka salira. Insya Alloh, salira bakal ningal kaula kalebet jalmi-jalmi anu sabar.”

Kenging kasangeman sapertos kitu, Nabi Ibrahim gesat-gesut ngasah peso sareng ngabolerkeun anu janten putrana, nyaeta Ismail siap-siap bade dipeuncit. Nanging, goresan peso Nabi Ibrohim dina beuheung Ismail ternyata teu aya pangaruh nanaon. Sabab, kacida cepetna Alloh ngagentos beuheung Ismail ku beueheung domba.  

Bacaan Lainnya

Rupina mah parentah Alloh ka Nabi Ibrohim kanggo meuncit nu janten putrana mung saukur ujian. Intina, Nabi Ibrohim parantos ngabenerkeun impenannana. Ibrohim parantos kabukti janten hamba anu ikhlas sareng patuh kana parentah Alloh. Eta kabukti tina panggero Alloh ka aranjeuna, sakumaha anu disebat dina surah ash-Shafat.

    وَنَادَيْنَاهُ أَنْ يَا إِبْرَاهِيمُ ، قَدْ صَدَّقْتَ الرُّؤْيَا إِنَّا كَذَلِكَ نَجْزِي الْمُحْسِنِينَ ، إِنَّ هَذَا لَهُوَ الْبَلَاءُ الْمُبِينُ ، وَفَدَيْنَاهُ بِذِبْحٍ عَظِيمٍ  

Hartosna: “Jeung Kaula panggil anjeuna, “He Ibrohim, saenya-enyana anjeun geus ngabenerkeun impian eta. Saenya-enyana kitu pisan Kaula mere balesan ka jalma-jalma anu nyieun hade. Saenya-enyana ieu bener-bener hiji ujian anu nyata. Jeung kaula tebus anak eta ku hiji peupeuncitan anu gede,” (QS. ash-Shafat [37]: 104-107).  

Tah kajadian Nabi Ibrohim meuncit Nabi Ismail eta saterasna janten cikal bakal pensyariatan ibadah kurban anu dikukuhkeun dina syareat umat Nabi Muhammad anu teras diperingati saban Poe Lebaran Adha atanapi Idul Kurban.

Kaom Muslimin Jama’ah Idul Adha rahimakumullah

Ibadah kurban nyalira mangrupakeun akibat sareng kataatan urang sadayana salaku hamba Alloh. Anu pada hakikatna, naon wae anu diparentahkeun ku Alloh, kedah dilakonan ku urang, sanajan kedah ngorbankeun perkara anu paling berharga kanggo urang, imma mangrupa nyawa, raga, waktu, harta sareng sajabina seperti halnya anu parantos dicontokeun ku Kangjeng Nabi Ibrahim anu nggorbankan putra anu pang dipikanyaahna.

Secara khusus, ibadah kurban teh dumasar kana firman  Allah  anu aya dina Al-Qur’an.

   اِنَّآ اَعْطَيْنٰكَ الْكَوْثَرَ، فَصَلِّ لِرَبِّكَ وَانْحَرْ، اِنَّ شَانِئَكَ هُوَ الْاَبْتَرُ  

Hartosna, “Saenya-enyana, Kaula parantos masihan anjeun, Muhammad, ni’mat anu loba, maka pek pidamel sholat kanggo Pangeran anjeun sareng pidamel ibadah kurban. Saenya-enyana jalma anu mikangewa ka anjeun nyaeta jalma anu pegat tina rohmat Alloh,” (QS. Al-Kautsar [108]: 1-3).   

Dumasar kana ayat eta, madzhab Syafi’i parantos netepkeun hukum kurban teh sunnah muakkad, sementawis madzhab anu sanes aya nau netapkan hukum wajib, komo keur jalma-jalma anu kaasup jalma cukup, sakumaha hadis Kangjeng Rosul:

    مَنْ كَانَ لَهُ سَعَةٌ وَلَمْ يُضَحِّ، فَلَا يَقْرَبَنَّ مُصَلَّانَا  

Hartosna, “Sing saha-saha jalma anu cukup (harta) ngan teu daek kurban maka ulah sakali-kali ngadeukeutan tempat shalat kaula,” (HR. Ibnu Majah).

BACA HALAMAN BERIKUTNYA..

Pos terkait