Khutbah Idul Fitri Bahasa Sunda 2022 PDF Bikin Jamaah Menangis

Ilustrasi Idul Fitri
Ilustrasi Idul Fitri

Hartosna, poma anjeun ulah ngarasa hina ulah ngarasa nalangsa, sedengkeun anjeun teh jalma anu luhung lamun anjeun tetep jadi jalma anu beriman. (Qs Ali Imran 139)

Pidawuh Rasulullah SAW

Bacaan Lainnya

 الْمُؤْمِنُ الْقَوِيُّ خَيْرٌ وَأَحَبُّ إِلَى اللَّهِ مِنْ الْمُؤْمِنِ الضَّعِيفِ وَفِي كُلٍّ خَيْرٌ احْرِصْ عَلَى مَا يَنْفَعُكَ وَاسْتَعِنْ بِاَللَّهِ, وَلَا تَعْجَزْ

Hartosna, ari jalma mumin anu kuat eta leuwih alus jeung leuwih dipikacinta ku Allah dari pada mukmin anu lemah, kulantaran eta kudu sumanget neangan nu mere manfaat ka anjeun sarta anjeun ulah ngarasa lemah. (al-Hadits)

Moral jalma anu puasa kudu leuwih hade, diantarana kudu mampu ngajaga letahna tina nyarita bohong sumpah palsu, gibah, nyarekan batur jeung sajabana.

Sabab ceuk kanjeng Nabi, Allah henteu butuh kana puasana hamba lamun eta hamba henteu mampu ngajaga tina omongan bohongna, hartina jalma anu puasa akhlakna kudu leuwih hade, rumah tanggana kudu leuwih trentrem oge barudakna kudu leuwih soleh.

Secara spiritual jalma anu puasa kudu leuwih peka hatena, mampu ngarekam sagala isyarat-isyarat Allah nu aya dina damelanana, boh damelan nu aya di langit, di bumi, nu aya dina awak atawa anu aya dina Al-quran.

 إِنَّمَا الْمُؤْمِنُونَ الَّذِينَ إِذَا ذُكِرَ اللَّهُ وَجِلَتْ قُلُوبُهُمْ وَإِذَا تُلِيَتْ عَلَيْهِمْ آيَاتُهُ زَادَتْهُمْ إِيمَانًا وَعَلَى رَبِّهِمْ يَتَوَكَّلُونَ

Hartosna, saestuna ari jalma anu iman dimana disebut jenengan Allah bakal sieun hatena, jeung dimana dibacakeun ayat-ayat Allah bakal tambah imanna sarta ka Allah tambah tawakkalna (Qs, Al-Anfaal 2).

Sacara emosi jalma anu puasa kudu mampu nyengker tina sagala kaambek, Kangjeng Nabi midawuh yen lamun aya jalma ngajak pasea sedengkeun urang keur puasa bejakeun yen urang keur puasa, pon nyakitu keneh mun aya nu ngambek.

Oge Kangjeng Nabi midawuh yen saestuna ari jalma anu gagah lain anu sok sosorongot tapi jalma anu gagah mah jalma anu mampu mengendalikeun nafsuna lamun aya kaambek.

Allahu Akbar 3x

Saterusna jalma anu puasa sacara sosisial kudu hade jeung balarea, kudu ngajaga hubungan jeung dulur, kudu akur jeng batur sakasur, batur sadapur jeung batur salembur. Utamana daek silaturahmi, gede hampura, jembar manah sarta ulah saruana mun aya jalma nu goreng adatna.

Kahadean anu paling gede ganjaranana di bulan romadlon nyaeta nulung kanu butuh nalang kanu susah, sanajan ngan ku carita atawa bahasa. Pidawuh Rasullullah, “Saha jalma nyumponan hajat jalma Islam di bulan ramadlon maka Allah bakal nyumponan sarebu hajatna dina poe kiyamah.”

 مَّن يَشْفَعْ شَفَٰعَةً حَسَنَةً يَكُن لَّهُۥ نَصِيبٌ مِّنْهَا ۖ وَمَن يَشْفَعْ شَفَٰعَةً سَيِّئَةً يَكُن لَّهُۥ كِفْلٌ مِّنْهَا ۗ وَكَانَ ٱللَّهُ عَلَىٰ كُلِّ شَىْءٍ مُّقِيتًا

“Sing saha jalma anu ngabantuan kana hade pasti bakal meunang bagian tina kahadean, sedengkeun lamun jalma ngabantuan kana goreng pasti bakal meunang kagorengan, saenya Allah eta kacida maha kuatna” (Qs Al-Nisa 85-86)

Pidawuh Rasul anu hartosna yen “Saestuna Allah SWT salawasna bakal nulungan hambana salami hamba eta masih sok tutulung ka sasama hambana” ( Al-Hadits).

Dina Qs Al- Maidah ayat dua saur Allah

  وتعاونوا على البر والتقوي ولا تعاونوا على الاثم والعدوان واتقوا الله ان الله شديد العقاب

BACA HALAMAN BERIKUTNYA..

Pos terkait