Khutbah Idul Fitri Bahasa Sunda 2022 PDF Bikin Jamaah Menangis

Ilustrasi Idul Fitri
Ilustrasi Idul Fitri

Ancaman dina ayat ieu diantarana ditunjukeun pikeun jalma anu ingkar kana wajibna puasa, kalawan ancamannana naraka salalawasna.Sedengkeun keur jalma anu henteu puasa tanpa uzur bari nekadkeun kana wajibna puasa, maka dihukuman jalma durhaka, kalawan wajib thobatna jeung ngodoan dina bulan sejenna.

Kadua, dina segi fiqh, puasa kudu dilaksanakeun kalayan akur jeng katantuan hukum diantarana rukun puasa kudu niyat di waktu peuting jeung ngajaga tina sagala rupa anu matak ngabatalkeun dina waktu beurangna.

Bacaan Lainnya

Sedengkeun sahna puasa kudu beragama Islam, mumayyiz (hartina bisa ngabedakeun antara hade jeng goreng), terus puasa teh kudu suci tina darah hed jeng nifas.

Puasa mung wajib keur jalma anu berakal, baligh jeung mampu ngalaksanakeunnana. Sedengkeun keur jalma anu henteu kuat saperti anu gering jeung musafir henteu wajib puasana, tapi wajib qado di bulan sejenna.

 أَيَّاماً مَّعْدُودَاتٍ فَمَن كَانَ مِنكُم مَّرِيضاً أَوْ عَلَى سَفَرٍ فَعِدَّةٌ مِّنْ أَيَّامٍ أُخَرَ وَعَلَى الَّذِينَ يُطِيقُونَهُ فِدْيَةٌ طَعَامُ مِسْكِينٍ فَمَن تَطَوَّعَ خَيْراً فَهُوَ خَيْرٌ لَّهُ وَأَن تَصُومُواْ خَيْرٌ لَّكُمْ إِن كُنتُمْ تَعْلَمُونَ

“Hartosna, puasa dina pirang pirang poe anu ditangtukeun, saha wae anu teu puasa lantaran gering atawa musafir maka qodoan puasana dina poe lain, sedengkeun lamun teu mampu puasa sabab uzur maka kudu diganti ku fidyah nu dipasrahkeun ka jalma miskin anu lobana samud sapoena, jeung saha jalma anu nyieun kahadean kucara nambahan fidyah maka eta leuwih utama, jeung lamun puasa eta leuwih hade pikeun aranjeun kitu ge lamun aranjeun pada ngarti.” (Qs. Al-Baqarah, 184)

Katilu, masalah etika dina puasa mangrupakeun pokok pergaulan sapopoe, mun jalma boga etika pasti bakal dihargaan, tapi ulah miharep jalma ngahargaan lamun urang hente pernah ngahargaan ka batur.

Etika anu puasa atawa anu henteu puasa pada- pada wajib silih ajenan. Keur anu henteu puasa etikana kudu nutupan yen dirina henteu puasa, ulah sembarangan cuam caem balangdahar di mana wae.

Masalah puasa eta urusan pribadi, rek puasa heug henteu oge heug, ngan kahayang teh kudu boga kaera mun bulan puasa balang dahar sembarangan, paling saeutik kudu era ku jelema lamun teu era ku gusti Allah. Mun teu boga kaera ku jalma berarti eta nandakeun yen dina dirina henteu boga iman. Saperti pada umum jalma anu beda agama, malah sopan keneh jalma non muslim sok ngahargaan sanajan manehna teu puasa.

Sedengkeun keur jalma anu puasa kanu henteu puasa etikana kudu ngelingan, kucara mere nasehat atawa ngawurukan sangkan urang ngajaga balang dahar sanajan henteu puasa.

Sabab penting kacida urang ngajaga tina penilaian negatif batur terhadap diri urang, sahingga ulah dianggap ku batur yen urang tara puasa tara shalat tara ibadah, kajaba mun urang geus bener-bener henteu ngaku kana agama Islam.

Dina agama Islam aya wacana mun berbuat maksiat bari nyumput eta masih aya kahadean keneh. tapi lamun nyieun kagorengan bari terang terangan nandakeun geus ruksak imanna. Saur Kangjeng Nabi yen era teh bagian tina iman.

 الحَيَاءُ مِنَ اْلإِيْمَانِ

Hartina lamun jalma teu biga kaera dina waktu berbuat maksiat berarti eta jalma geus kurang imanna.

Allahu Akbar Allahu Akbar Allahu Akbar

 مَنْ رَآى مِنْكُم مُنْكَرا فليغيره بيده فإن لم يستطع فبلسانه وإن لم ييستطع فبقلبه وذلك أضعف الإيمان

Hartosna, “saha jalma anu ningali pamungkaran di antara anjeun maka kudu ngarobah ku leungeunna, mun henteu mampu ku leungeun kudu ngarobah ku letahna, jeung lamun henteu mampu ku letah kudu ngarobah ku hatena, jeung eta teh panglemahna iman”

kitu numutkeun pitutur Rasulullah SAW. Dumasar kana hadits diluhur ngandung harti yen mun aya pamungkaran ulah diantep tapi kudu di da’wahan sesuai kamampuan masing-masing.

Allahu Akbar 3x

Kaopatna, ari puasa ditingali tina segi falsafah nyaeta terwujudna perobahah sikap mental, moral, spiritual, emosional jeng sosial. Mental jalma anu puasa kudu tahan uji kudu siap menghadapi sagala rintangan jeung tantangan, kudu sabar, ulah cengeng ulah epes meer ulah teu kaopan, ulah ngarasa lemah ulah ngarasa minder.

 وَلَا تَهِنُوا وَلَا تَحْزَنُوا وَأَنتُمُ الْأَعْلَوْنَ إِن كُنتُم مُّؤْمِنِينَ

BACA HALAMAN BERIKUTNYA..

Pos terkait