Khutbah Idul Fitri Bahasa Sunda 2022 PDF Bikin Jamaah Menangis

Ilustrasi Idul Fitri
Ilustrasi Idul Fitri

KHUTBAH PERTAMA IDUL FITRI BAHASA SUNDA

(أَللَّهُ أَكْبَرُ. أَللَّهُ أَكْبَرُ. أَللَّهُ أَكْبَرُ). (أَللَّهُ أَكْبَرُ. أَللَّهُ أَكْبَرُ. أَللَّهُ أَكْبَرُ). (أَللَّهُ أَكْبَرُ. أَللَّهُ أَكْبَرُ. أَللَّهُ أَكْبَرُ). أَللَّهُ أَكْبَرْ كَبِيْرًا وَالحَمْدُ لِلَّهِ كَثِيْرًا وَسُبْحَانَ اللَّهِ بُكْرَةً وَأَصِيْلاً. لاَ إِلَهَ اِلاَّ اللَّهُ وَاللَّهُ أَكْبَرْ. أَللَّهُ أَكْبَرْ. وَ لِلَّهِ اْلحَمْدُ

الحَمْدُ لِلّٰهِ الَّذِيْ حَرَّمَ الصِّياَمَ أَيّاَمَ الأَعْياَدِ ضِيَافَةً لِعِباَدِهِ الصَّالِحِيْنَ. أَشْهَدُ أَنْ لاَإِلٰهَ إِلاَّاللهُ لاَشَرِيْكَ لَهُ الَّذِيْ جَعَلَ الجَّنَّةَ لِلْمُتَّقِيْنَ وَأَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدَناَ وَمَوْلاَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ االدَّاعِيْ إِلىَ الصِّرَاطِ المُسْتَقِيْمِ. اللّٰهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ وَباَرِكْ عَلىَ سَيِّدِنَا مُحَمَّـدٍ وَعَلَى آلِهِ وَأَصْحاَبِهِ وَمَنْ تَبِعَهُمْ بِإِحْسَانٍ إِلىَ يَوْمِ الدِّيْنَ. أَمَّا بَعْدُ. فَيَآأَيُّهَاالمُؤْمِنُوْنَ وَالمُؤْمِناَتِ أُوْصِيْكُمْ وَنَفْسِيْ بِتَقْوَى اللهِ فَقَدْ فَازَ المُتَّقُوْنَ. وَاتَّقُوْا اللهَ حَقَّ تُقاَتِهِ وَلاَتَمُوْتُنَّ إِلَّا وَأَنْتُمْ مُسْلِمُوْنَ

Bacaan Lainnya

Allahu Akbar 3x

Sagala puji kagungan gusti anu maha suci shalawat salam mugi salamina disanggakeun ka kangjeng Nabi Muhammad SAW katut kulawarga shahabat sareng ka sadaya umatna anu mutaba’ah ka anjeuna tug dugi ka yaumil kiyamah.

Sajagad raya umat Islam di dunia dinten ieu nuju ngarasa bungah bahagia kulantaran tos beres ngalaksakeun dua kawajiban nyaeta ibadah puasa sareng zakat fitrah.

 لِلصَّائِمِ فَرْحتَانِ فَرْحَةٌ عِندَ إفْطَارِهِ وَفَرْحَةٌ عِنْدَ لِقاَءِ ربّهِ

Saur pidawuh Rasulullah SAW, “Pikeun nu puasa aya dua kabungah nyaeta nalika buka sareng naliku tepung jeung Allah jaga di akherat”.

Ayeuna umat Islam kudu ngarasa bungah sabab urang tos berhasil ngalakonan puasa dina sabulan lilana, pamugi wae puasa urang jeng sagala ibadahna ditarima ku Allah SWT.

Allahu Akbar Allahu Akbar Allahu Akbar

Ibadah Puasa bisa ditingali tina opat jihat nyaeta Aqidah, fiqih, etika jeung falsafah.

Kahiji, Tina segi agidah urang wajib nekadkeun yen puasa teh bagian tina rukun Islam anu lima kalawan didadasaran ku dawuhan Allah anu nyata jelas tur tandes dina al-quran al-karim.

Saha wae jalma anu ingkar kana wajibna puasa ramadlon berarti murtad, hartosna eta jalma tos kaluar tina Islam, pon nyakitu keneh anu teu puasa di bulan Ramadlon kalawan ingkar kana wajibna puasa maka dihukuman murtad, nu kitu lain wae wajib qadlo tapi wajib disyahadatkeun deui, lamun henteu syahadat deui eta jalma dihukuman kafir.

 إِنَّ الَّذِينَ كَفَرُوا وَمَاتُوا وَهُمْ كُفَّارٌ أُولَٰئِكَ عَلَيْهِمْ لَعْنَةُ اللَّهِ وَالْمَلَائِكَةِ وَالنَّاسِ أَجْمَعِينَ خَالِدِينَ فِيهَا ۖ لَا يُخَفَّفُ عَنْهُمُ الْعَذَابُ وَلَا هُمْ يُنْظَرُونَ

Hartosna, ”saestuna ari jalma anu kafir tur maot dina kaayaan kafir maka eta jalma-jalma teh bakal meunang la’nat Allah, malaikat jeung sakabeh manusa, maranehna abadi di Naraka tur moal meunang karinganan sarta moal ditingali- tingali acan” ( Qs. Al-Baqoroh: 161-162)

BACA HALAMAN BERIKUTNYA..

Pos terkait